Deskripsi Blog

Blog ini berisi tulisan-tulisan yang tidak bermuttu jauh dari pada sempurna....teu goreng-goreng acan....maklum nu ngisina oge jauh ti pinter teu bodo-bodo acan

Selasa, 10 April 2012

Nini Anteh Jeung Candramawat

Inget bulan jadi inget Nini Anteh nu ceunah ceuk kolot nu cicingna aya di bulan di baturan ku “si ucing nu ngarana Candramawat”. Nini Anteh mangrupakeun hiji carita sunda.nu nyaritakeun ngenaan gamabar dina bulan nu katempo dina mangsa bulan purnama, seorang nini-nini nu teu eureun-eureun ngajait. nini anteh ceunah hirup dina mangsa jaman karajaan pakuan"

Dina mangsa bulan purnama mangrupakeun mangsa nu endah pikeun kaulinan.

cing cangkeling
manuk cingkleung cindeten
plos ka kolong
bapa satar buleneng
cing cangkeling
ucing hideung nyireukem
pung ka bulan
nini anteh keur anteng
yu urang ulin
meungpeung bulan ngagateung
pray duh siang
urang ulin diburuan

Muji kaendahan bulan


bulan tok, bulan tok
bulanna sagede batok
bulan pak, bulan pak
bulanna sagede opak
bulan ruk, bulan ruk
bulanna sagede jeruk
bulan pir, bulan pir
bulanna sagede tampir

Ngageroan nini anteh datang ka buana pancatengah

ieu nini ucing nyusul
sorangan indit di langit
kadieu ninggalkeun bulan
meureun hayang milu ulin
ucing teh liwar kacida
cik urang sintreuk sing tarik
eta nini ulah kitu
masing karunya ka ucing
keun bae hayangeun incah
heunteu beda kawas nini
lah enya nini karunya
hayu ucing urang ulin

Pikeun ngusir naga dina mangsana samagaha

trang-trang kolentrang
si londok paeh nundutan
tikusruk kana durukan
mesat gobang kabuyutan
trang-trang kolentrang
si naga nyingkah sing anggang
jeung gancang ngutahkeun bulan
caang bulan di buruan
trang-trang kolentrang
si nini urang tulungan
imahna teh kapoekan
bulan ngempur ngabrak siang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar