Deskripsi Blog

Blog ini berisi tulisan-tulisan yang tidak bermuttu jauh dari pada sempurna....teu goreng-goreng acan....maklum nu ngisina oge jauh ti pinter teu bodo-bodo acan

Senin, 02 April 2012

Lalangse Aheng (Si Tambal)

Nyukcruk galur kapungkur mapay carita nu baheula, warisan ti nini aki, carita nu di caritakeun deui. dongeng nu didongengkeun deui, tikolot ka budak, ti budak ka incu, antukna neupi ka ceuli simkuring, ngeunaan carita si tambal, di hiji desa nu katelah kadipaten aya salah sahiji dusun nu kasebut dusun Teluk jambe, di dusun teluk jambe ieu ayana si tambal, si tambal nyaeta ngaran kukudaan anu dijerona kaeusian ku salah sahiji khodam atawa naon waelah kasebutna kuring teu apal, Nu jelasnamah di teluk jambe aya salah sahiji kesenian Kuda lumping, di kasenian kuda lumping eta  aya salah sahiji kudana teh aya nu di sebut Si tambal, asalna kata Si tambal di arankeun ka eta kuda, kulantara ceunah kudana soeh di tambalna lain kukulit sato tapi ku kulit jalma, meureun eta jalam baheulanna kasup hiji kokolot atawa jawara meureun" nu ngabogaan si tambal nu katelah oyot duka nami aslina (abdi teu naroskeun...)da masih aya sekseler jeung kakaratonan cirebon, numutkeun carita lamun si tambal makalangan euweuh nu teu kasima, kabeh nu lalajo sok sanajan masyarakat di eta wewengkona sorangan.



Pangabaran atawa sima nu di terapkeun ku oyot ka eta kuda kacida gedena, da beda jeung kuda lumping lianan geus teu aneh ceuk paribasan lamun kuda lumping ngadahar beling, tapi ieumah leuwih ti kitu da makalanganna si tambal teh dina ruhay nu ngabarakbak, lagu bubukana sok dimimiti ku amitan lagu engklok, jeung kembang gadung. jeung deui teuing ngan saukur mitos atawa sugestis nu diterapkeun ka eta lembur, ceunahmah di lembur teluk jambe mah teu meunang nanggap wayang golek (ceunah), Ayenamah si tambal ngaukur jadi carita hungkul nu jadi ka ahengan di desa teluk jambe, ngan ukur jadi lalangse aheng na hate urang kadipten. duka kumaha caritana da ceunah nguburkeunna si tambal di salah sahiji gunung nu aya di tataran desa Tolengas nu kateulah Gunung Kancana, di kuburkeun oge masih aya eusian atawa aya khodamna. teuing...ahk...

kuring salaku masyarakat kadipaten ngarasa bagja ceuk paribasa lir kagunturan madu ka puragan menya putih, lamun eta Si tambal bisa di ayakeun deui dina mangsa ayeuna, tapi da dalah di kumaha ayenamah si tambal nganukur carita kasenian kuda lumping geus kaelehkeun ku kasenian nu ayena, jati geus kasilih ku junti, ari kurungna  kurung manuk titiran ari eusina incuing.  ngan ukur kahayang jeung kahayang nu jadi lamunan, duka kumaha atuh carana sangkan kasenian karuhun atawa buhun urang bisa midang deui dina mangsa ayeuna. muga-muga urang teu poho kapurwadaksi. (Muncang labuh kapuhu, keris manjing warangka)...

Nyanggakeun sabrang salayang lebet ka cabe mah hanteu,, nyanggakeun tambih lumayan lebet kasaemah hanteu...cagh..ah permios.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar