Nyukcuk walungan mapay hawangan, kaditunamah malapah gedang, ieu mah
rek mohokeun kabodoan kuring sorangan tapi amit ampun nya paralun lain
rek adean ku kuda beureum lain mamatahan nitah teuleum kuya di leuwi.
Tapi ngan saukur ngalatih nu aya dina diri. HIrup jeung hurip urang
dialam dunya, ngansaukur darma nu di kawasakeun atawa dipercaya,
kumelendang dialam marcapada. salaku manusa urang di wajibkeun ta
syakur, ta fakur jeung tong kufur, usahan sarta ikstiar pikeunn yang
hareupan hirup jeung kahirupan sapopoe.
Ulah waka suka seuri mun can panggih jati diri” hiji kalimat nu
ngabogaan arti nu jero sok sanajan remen kabandungan manusa ngalamun
salaput umur,
kahayang patemba-temba. anging kadar pangeran nu bakal
tumiba jeung karandapan. urang kumelendang di alam marcapada ieu
dingaranan manusa, bari urang salaku manusana pituin oge teu apal saha
ari manusa? ulah waka urang nguda ka Pangeranan nu nyiptakeun urang,
tapi urang selidik nu ngaran manusa, manusa mahluk nu sampurna di
bandingkeun jeung mahluk lianna dina darajatna. tapi eta oge manusa nu
geus bisa ngajalankeun rel kamanusaanna. manusa oge bisa leuwih handap
ti sato darajatna. bukti manusa leuwih sampurna darajatna ti batan
mahluk lian nyaeta ngabogaan rasa jeung perasaan, dibere akal sarta
pikir. lamun conto manusa bisa leuwih handap darajatna ti sato nyaeta,
can ngadenge sato maling jeung kabehna, domba ngaranjah kebon sampeu,
ngan ukur nepi ka daunna, tapi manusa mun ngaranjah ka kebon sampeu
sejeroning daunna nya tangkalna di ruksa di bawa, nepi ka beutina.
Manusa oge bisa di sebut mahluk gaib, mun aya nu teu percaya yen
manusa gaib, yu urang guar mana ari manusa teh? saha ari manusa teh?
jeung dimana ari manusa, yen manusa teh bisa di di sebut mahluk gaib.
kusabab teu apal mana dimana cicingna nu ngaran manusa. naha di
sejeroning awak atawa raga(ujud) atawa sabalikna di saluareun awak atawa
raga(ujud). numatak aya paribasa jerona laut masih keneh bisa
kateuleuman, tapi jerona hate manusa sok sanajan kalingkung ku wawangun
katingker ku papageran tulang dada tapi teu bisa kateuleuman. kumaha
bisa kateuleuman hate manusa da mnusa na oge teu kapanggih nu mana? di
mana cicingna nu ngaran manusa? pantesan aya salah sahiji ayat nu
nyebutkeun yen manusa jeung pangeran teh mun urat beuheung jeung
beuheunamah masih keneh aya jarak. tapi manusa jeung pangerana eweuh
jarak. saking kudeukeut-deukeutna. pantesan aya jalma bijak nyarita mun
hayang apal kagustina kudu apal heula kadirina.nu matak ngajimah ulah
nuduh kanu jauh ulah nyawang kanu anggang, padahal nu caket geura raketan
nu deukeut geura deuheusan, moal jauh tina wujud moal anggang tina
awak.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar