Deskripsi Blog

Blog ini berisi tulisan-tulisan yang tidak bermuttu jauh dari pada sempurna....teu goreng-goreng acan....maklum nu ngisina oge jauh ti pinter teu bodo-bodo acan

Senin, 02 April 2012

Ngumbara.....

Remis janari mimiti turun, hiliwirna angin peuting nu geus nyecep nandakeun janari leutik nu meh we rek ka giribik ku datangna janari gede nu moal hanteu antukna jleg neupi ka poe isuk. Sanjan wanci geus janari mata masih keneh bolotot san bisa sare, aki jeung nini petunduheun jiga nu embung ngadeketan kuring gerentes hate manehna, geleberna jeung sorana manuk koreak  jiga nu keur nitennan pagawean nu keur dipigawena, ret kana pagawean nu euweuh beresna ret deui kana jam nu ngadaplok dina tembok. Gerendeng manehna ngageretes “ beu…hirup..) ngan sakitu nu di gerenteskeun na hatena.


Clo..!! pagawean ditunda pikiran manehna kumalayang rus-ras kaditu jeung kadieu bruh-breh narembongan, beleyeh seuri, jiga nu keur ngalayang ngabayangkeun kana mangsa manehna meunang kabungah..ngegerentes deui “asa kunikmatnya mun hirup jiga kitu diteruskeun..nganhanjakal…”. beu kawas nu moal manggihan modar wae  ceuk gerentes manehna keneh ninggang sadar”.  Tapi sok sanjan kitu oge piraku hirup teh leumpeng wae, mun kitumah ngalanggar kodrat apan bener jeung salah geus diciptakeun pikeun pakeana manusa ngagerentes deui dina hate nu kapangaruhan ku nafsuna, angkara murka nu aya dina hatena.

Golehe manehna ngagoler bari angger pitunduheun can keneh nyanding” galecok deui hate manehna ngagalecok jiga nu keur gunumen catur’ ceuk hate hiji keu ceuk hate nu hijina deui mendingan kieu, antukna pusing mikiranna kulantaran masing-masing pada mawa pamadegan sewang-sewangan ana lamun dileunyeupan aya beneran kabehna oge”. Beu jadi inget omongan nu jadi guru gerentes manehna”  kawas iklan dina TIVI BERANI KOTOR ITU BAIK  hueheuheuhe manehna seuri sorangan” kaharti ayenamah ceuk manehna.

Aeh…aeh apa rek aya nu di tanyakeun kanu jadi guru teh ngeunaan diri kuring sorangan, ke ah mangsa carangcang tihangmah poe isukan kuring rek nemonan sugan kuring aya waktu jeung ajena oge aya waktu. Gerentes hate manehna”. Sanggeus reug-reugmah hate manehna tuluy we kacai.” rek diniatan ah sugan-jeung sugan aya hidayah rek ngamimitian deui ngadeketkeun ka pangeran” da kuring oge masih boga hak keur khusunul khotimah” ceuk hate manehna ngagerentes. Mudah-mudahan geus ngedeketna pangeranmah bisa datang pitunduheun teh.

Mangsa rebun-rebun maneh geus kulutrak muka panto, bari tuluy kacai'  ........cag..antos di kaca ka (2)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar